Eta Socana
eta socana
neuetup teuing ku seukeut
eta imutna
geleunyu ngabandang tineung
eta raray marahmay niiskeun pikir
eta sagalana karaos endahna Baca entri selengkapnya »
Geulis Salira Aya di Mana?
Geulis, salira aya di mana
Ieu hate kumalayang
Salira ukur ngalangkang
Geuis, nu aya ukur salira
Kadeudeuh tilam katresna
Mung hiji kanggo salira
Rasa nyaah rasa cinta
Nya rasa kanggo salira
Rasa asih rasa heman kanggo salira
Itu bulan nu nyaaangan
Cinta nu urang duaan, geulis
Tapi ayeuna nu aya
Tinggal rasa tunggara euis..
Duh geuningan kieu rasana
Ari katarajang rasa asih
Waktu Hujan Girimis Kasorenakeun
Harita hujan girimis,
nyerecep hawa nu tiis,
ras emut ka anu janten panutan
tos jangji wengi ieu rek amengan.
Keur anteung nyawang lamunan
katingal aya nu ngaringkang
sing horeng geuning salira jungjunan.
Duh aduh deudeuh teuing panutan nu dipieling
sanajan hujan girimis,
salira teu weleh sumping,
girimis duh hujan girimis,
pras pris hujan nambih romantis,
girimis duh hujan girimis
kulimis cinta pinuh mamanis.
Girimis duh hujan girimis ….
Tidak ada komentar:
Posting Komentar